Urang salaku urang sunda mibogaan kawajiban kangge ngamumule basa sareng kabudayaan sunda. Basa sunda mibogaan rupa-rupa babasan jeung paribasa. Apal teu apal, sahenteuna urang kudu apal sababarahiji babasan jeung paribasa supaya urang teu era teuing salaku urang sunda. Kuring bade nuliskeun sababaraha hiji babasan jeung paribasa.
Babasan Jeung Paribasa
1. Asa ditabeuh : asa ditanggap, asa caritana dipikaresep
2. Asa ditumbu umur : asa ditulungan tina ajal
3. Atah pikir : henteu boga wiwaha, henteu boga pikir rangkepan, kurang tinimbangan
4. Daek ngampihan : daek ngarawatan, daek kacicingan
5. Diadu-adu ku kolot : direremokeun, dikawinkeun ka salaki atawa pamajikan pilihan kolot bari henteu
ditanya naha jinisna daekeun henteuna
6. Dicacar bolang : dibabad ku gobang atawa parang nepi ka siga nyacar tangkal bolang
7. Dicekekan jurig tunduh : sarare
8. Diigelanana : disanghareupanana
9. Gede keneh duriat : bogoh keneh, gede keneh katineung
10. Jampe pileumpeuhan : jangjawokan pikeun meruhkeun musuh sangkan leumpeuh
11. Kaboler : tinggaleun ku nu sejen, pangpangna dina waktu mimiti nyambut jeung mimiti tandur
12. Kolot dina beuheung munding : kolotok
13. Teu uyahan : rehe, jalma nu tingkah jeung omonganana mayak pikasebeleun
14. Tara pisan digetrik-getrik gawe : tara pisan dititah gawe
15. Teu beungeutan : ngarasa era nu luar biasa nepi ka asa teu boga bengeut
Tidak ada komentar:
Posting Komentar